Selasa, 20 Oktober 2009

Barakatak - Sisindiran

ecet2 oet2
ngaronda ngarureuk belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
panon burial buncelik
da kadempet etanana

Ka Bandung tuluy ka Bogor
di Cianjur meuli bonteng
kasiksa boga kabogoh
sungutna bau sepiteng

Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
huntuna nyenghol katembong
amun ngomong bau jigong

Es lilin ku amis tiis
leuwih ngeunah ti es teler
abdi bingung kunu geulis
dikiceup langsung ngagoler

Ka banjaran ka Cikajang
ka Lembang ka pamonokan
panasaran kanu leunjang
hayang nyobaan mondokan

Keretek kudana beureum
ditumpakan anak Cina
kapelet ku randa eusleum
unggal poe kuring jinah

Pasak pondok osok nyogok
pasak panjang osok nyugak
anu pondok jadi orok
anu panjang jadi budak

Es lilin kalapa muda
dibawa didorong- dorong
abdi reuseup ka nyi randa
lamun mandi sok ditoong

Pa sumat gawena dahar
mun bedug bakal ditewak
percuma dibere beunghar
mun budug saawak - awak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar