Rabu, 21 Oktober 2009

Doel Sumbang - Tuturut Munding

Tuturut munding ( meureunan reuseup ka munding )
tuturut munding (meureun kasurupan munding )
tuturut munding ( boa boa ngelmu munding )
tuturut munding ( kalakuan siga munding )

Batur lieur, milu lieur
Batur ngaco, milu ngaco
batur gelo, milu gelo
diajak baleg teu daek

Batur saur milu saur
batur buka milu buka
ti beurang batur puasa
manehna jajan samangka

Batur saur milu saur
batur buka milu buka
ti peuting batur taraweh
manehna cindeukul gapleh

Malem lebaran
batur di masjid takbiran
manehna sorangan
mabok ao di pengkolan

Poe lebaran
batur salembur solat id
manehna ngajoprak
dipepende ku jin iprit


Tidak ada komentar:

Posting Komentar