Selasa, 20 Oktober 2009

Doel Sumbang - Dingding kiripit

Dingding kiripit tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare memencosna
Dingding kiripit jalma leutik kacapit
kacapit ku nu garede
nu gede taya seubehna

Resikona jalma leutik
kacapit teh unggal usik
boga imah imah leutik
meunang milik ngamprah listrik
hese... kawas newak haseup

naha ari jalma gede
ngabangun ratusan imah
menta isuk hurung sore

Dingding kiripit jalma leutik kacapit
kacapit ku nu garede nu gede taya seubeuhna

Resikona jalma leutik
kacapit teh unggal usik
mun maling lantaran lapar
mani jadi kacampangan
bari.... benyut digebugan

Naha ari Edi Tansil
nu geus puguh garong gede
loba anu hare

Dingding kiripit jalma leutik kacapit
kacapit ku nu garede nu gede taya seubeuhna

Resikona jalma leutik
kacapit teh unggal isuk
lamun sedih pareum geuring
teu wani ka rumah sakit
kusabab, duit kudu ti heula
sabab nenjo jalma seuseut
dokter sok mariceun beungeut
( si nurus tunjung bari ngomong )
" da maot mah tos takdir "

Resikona jalma leutik
kacapit teh unggal usik
boga banda teu sapira
tuluy ludes kabangsatan
jarang... nu milu mikiran

naha ari jalma gede
leungit motor butut oge
polisi.. saribuk kabeh

Dingding kiripit jalma leutik kacapit
abong hirup hararese
sok dijieun anak tere

Tidak ada komentar:

Posting Komentar